5

Selamat Datang... Blog Ini Hanya Ingin Berbagi Ilmu Dan Sharing Pengetahuan Dan Informasi Bersama....

Minggu, 02 Desember 2012

Kakawihan, Rapat, jeung Istilah wanci

Share on :
بِسْــــــــــــــــمِ اﷲِالرَّحْمَنِ اارَّحِيم

Kakawihan Barudak Lembur

ORAY-ORAYAN
Oray-orayan,
luar leor mapay sawah Entong ka sawah,
parena keur sedeng beukah Mending ka leuwi,
di leuwi loba nu mandi Saha anu mandi,
anu mandina pandeuri

AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung Gung goongna rame
Menak ki Mastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng

EUNDEUK-EUNDEUK CANG
Eundeuk-eundeu cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

JALEULEU
Jaleuleu ja tujaeman gog
Seureuh leuweung bay Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong Ngek ngek!

KALONGKING
Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling
Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

BANGBANG KALIMA GOBANG
Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Nganteur anu kawin win
Winta dagang oncom com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong ngentrung tung
Tunggir hayam bikang kang
Kangkung meunang meuli li
Lili lewungit konci ci
Ciak anak hayam!

PUNTEN
Punten mangga Ari ga,
gatot kaca Ari ca,
cau ambon Ari bon,
bonteng asak Ari sak,
sakit perut Ari rut,
rujak asem Ari sem
sempal-sempil Ari pil,
pilem rame Ari me,
meja makan Ari kan,
kantong kosong Ari song,
songsong lampu Ari pu,
puak-paok Ari wok,
wok candewok

OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong Au-au eheng
Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba Anak sapi tutunggalan

TOKECANG
Tokecang-tokecang Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang Sapendil kosong

TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan


Definisi Rapat
Rapat nya eta gempungan pertemuan anggota ti hiji organisasi/ pausahaan
Jeung pegawena pikeun ngabahas hal-hal nu aya patalina jeung kapentingan organisasi/ kantor/ pausahaan.

Patugas-patugas pikeun ngarojong jalanna rapat sangkan produktif nya eta:
Panjaga Waktu.
Saluyu jeung ngaranna, panjaga waktu mastikeun yen rapat lumangsung saluyu jeung durasi nu geus ditangtukeun. Lamun rapat dianggap ngayayay alias ngaleuwihi waktu jeung bahasan na teu maju saluyu jeung durasi nu geus ditangtukeun di agenda. Bakal aya rapat tambahan pikeun ngabahas deui nu dihadiran ku kabeh pamilon atawa cekap ku sabaraha wakil nu nyumponan kuota pamilon dina rapat. Satuluyna rapat sacara umum/ terbuka atawa disumpingan atawa sacara off line. (tertutup).
1.Juru konci/pamimpin rapat
Peran Juru Konci nya eta pikeun mastikeun yen sakabeh pamilon rapat milu aub  pikeun mastikeun sakabeh pamilon rapat meunang kasempetan nepikeun sawangan jeung pamadegannna ngeunaan hijihal/ hal nu keur dipadudengkeun, atawa mere tanggepan ka sawangan jeung pamadegan nu ditepikeun ku pamilon nu sejen. 
2.Girang serat/notulen
Pancenna nya eta nyatet/ nuliskeun ide-ide nu dibahas dina rapat, kaasup nyatetkeun unggal kaputusan jeung tindak lanjutna, fungsina pikeun mantau hal naon wae jeung tindak lanjut ti rapat kana kaputusan nu geus di cokot.
3.Panumbu catur/moderator
Pancen moderator nya eta pikeun meunang ide, komentar, atawa kabar nu aya patalina jeung topik rapat tapi aya nu diluar tema. Hal-hal nu aya diluar topik rapat bisa mawa rapat kaluar ti tma jadi moderator perlu pikeun rapat sangkan saluyu rapat bisa lumangsung saluyu jeung tema. Mastikeun rapat sajalan jeung ka arah.
4.Notulen Rapat
Notulen rapat eusina informasi ngeunaan diskusi nu dilakukeun salila rapat jeung kaputusan nu dicokot pamilon. Notulen rapat eusina komitmen, lengkah, jeung tindak lanjut nu dilakukeun. Saeutikna, notulen rapat kedah ngawengku informasi ngeunaan saha wae, naon, iraha, kumaha, jeung kunaon.  Panulis saena catatan-catatan anu ditulis samemeh rapat dibubarkan untuk memastikan point-point penting sudah tercatat
5.pamilon/anggota
mere komentar, tanggapan jeung saran.

Istilah wanci

Janari gede ( pagi buta, sekitar pukul 01.00 – 03.00 malam )
Janari leutik ( pagi menjelang subuh, sekitar pukul 3.30 – 04.30 pagi )
Balebat ( waktu terbit fajar, sekitar pukul 04.30 pagi )
Carangcang tihang ( sudah lewat fajar / remang-remang, sekitar pukul 05.00 )
Haneut moyan ( waktu untuk berjemur, sekitar pukul 07.00 – 08.00 )
Pecat sawed ( waktu istirahatnya kerbau dari membajak sawah, sekitar pukul 10.30)
Manceran ( waktu tengah hari, sekitar pukul 12.00 )
Wanci lingsir ngulon ( waktu saat matahari mulai bergeser ke barat, sekitar pukul 13.00 )
Wanci panon poe satangtung ( saat bayangan setinggi badan, sekitar pukul 15.00 )
Wanci tunggang gunung ( waktu senja hari, sekitar pukul 16.00 – 17.00 )
Wanci sariak layung ( waktu menjelang petang, sekitar pukul 17.00 – 18.00 )
Wanci sareupna ( waktu menjelang malam, sekitar pukul 18.30 )
Wanci sareureuhna budak ( waktu saatnya anak kecil tidur atau pulang mengaji sekitar pukul 20.00 )
Wanci tengah peuting ( waktu tengah malam, pukul 24.00 )
Usum pagebug ( musim wabah penyakit dan banyak yang meninggal )
Usum sasalad ( musim wabah penyakit )
Usum patepok ( musim hajatan pernikahan )
Usum tigerat ( musim paceklik, musim serba kekurangan pangan )
Usum mamareng ( awal musim hujan )
Usum ngijih ( musim hujan )
Usum dangdangrat ( awal musim kemarau )
Usum katiga / usum halodo ( musim kemarau )Rumangsang ( waktu matahari sudah mulai terasa panas, sekitar pukul 09.00 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

92373-tIFjK1R4crfbk26ImkOQX8taovxZnlz3